Khutbah Jumat Bahasa Sunda Singkat Isra Mi'raj

Khutbah Jumat Bahasa Sunda Singkat Isra Mi'raj

 اَلْحَمْدُ ِللهِ ، اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ أَحْرَمَ رَجَبَ بِإِسْرَاءِ الرَّسُوْلِ مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ اْلأقْصَى ، وَالَّذِيْ يَأْمُرُنَا بِالتَّقْوَى مْدَّةَ أُمُوْرِنَا ،
نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ فِيْ كُلِّ أَهْوَالِنَا ، أشْهَدْ أنْ لاَ إلَهَ إلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ ، وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى أشْرَفِ عِبَادِهِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَصَحْبِهِ وَعِتْرَتِهِ
 أمَّا بَعْدُ : فَيَا أيُّهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ وَالسَّمْعَ وَالطَّاعَةِ

قَالَ اللهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى : سُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الأَقْصَى الَّذِي بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ مِنْ آيَاتِنَا إِنَّهُ هُوَ السَّمِيعُ البَصِيرُ (الإسراء: 1)

وَقَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : ألاَ إنَّ الزَمَانَ قَدْ اسْتَدَارَ كَهَيْئَتِهِ يَوْم خَلَقَ اللهُ السَّمَوَاتَ وَالْأرْضَ السَّنَةَ اثْنَا عَشَرَ شَهْراً مِنْهَا أرْبَعَةُ حَرَمٌ، ثَلَاثَةٌ مُتَوَالِيَاتٌ ذُو القَعْدَةِ وَذُو الْحِجَّةِ وَالْمُحَرَّمُ وَرَجَبُ مُضَرُّ بَيْنَ جُمَادِى وَشَعْبَانَ. مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ

Puji syukur urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu senantiasa maparinan pirang-pirang nikmat anu teu kaetang seueurna. Nikmat anu terus-terus teu aya putus ka satiap makhlukna. Diantawisna berupa kasehatan, rezeki, umur sareng anu paling utami nyaeta kaimanan, sahingga dina dinten Jumat anu Mulia iyeu. urang dipaparinan kakiatan kanggo ngalaksanakeun ibadah sholat Jumat.

Baca Juga=>Khutbah Jumat Yg Menyentuh: Memaknai Isra Mi'raj dlm Kehidupan Sosial
               =>Materi Khutbah Jumat Tentang Memperbaiki Diri
               =>Memahami dan Menyikapi Perbedaan Pendapat dlm Islam
               =>Menjawab Pertanyaan Dimana Allah

Sholawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadayana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW oge ka kulawargina, ka para sahabatna, sareng ka sadaya ummatna anu taat jeung cinta ka Alloh sareng rosulna dugikeun ka akhir zaman.
http://aang-zaeni.blogspot.com/2017/04/khutbah-jumat-bahasa-sunda-isra-miraj.html

Kaum Muslimin Rahimakumullah!

Di sasih anu mulia ieu,urang salaku umat Islam diemutkeun kana hiji kajadian anu kacida pisan bersejarah, di mana Kangjeng Nab Muhammad SAW diisra’kan ku Allah SWT ti Masjid al-Haram ka Masjid al-Aqsha, saterasna di Mirajkeun ka langit ka tujuh nyaeta Sidratul Muntaha.

Dina sasih ieu pisan Kangjeng Nabi Muhammad SAW nampi wahyu parentah solat sacara langsung ti Allah henteu melalui perantaraan malaekat Jibril,ieu nembongkeun kacida pentingna solat lima waktu anu mangrupakeun pondasi dina agama sarta hiji barokah kanggo umat Islam. Luyu sareng pidawuh Nabi;

 الصَّلَاةُ عِمَادُ الدِّيْنِ فَمَنْ أَقَامَهَا فَقَدْ أَقَامَهَا فَقَدْ أَقَامَ الدِيْنَ وَمَنْ تَرَكَهَا فَقَدْ هَدَمَ الدِّيْنَ (رواه البيهقي) 

Artinya: “Sholat (lima waktu) mangrupakeun tihang agama,sing saha anu ngadrikeunana berarti manehna tos ngadirikeun agamana jeung sing saha anu ninggalkeunana berarti manehna atos ngarubuhkeun agama”. (HR.Baihaqi)

Kaum Muslimin Rahimakumullah!

Kajadian Isra’ Mi’raj ieu mangrupikeun hiji ujian anu kanggo kaimanan satiap jalma dina kayakinan kebenaran petunjuk sarta risalah anu dicandak ku utusan Allah. Memang, lamun diemut ku logika bagaimana mungkin hiji jalma sanggup ngalakukeun perjalanan ti Masjid al-Haram ka Masjid al-Aqsa saterusna ti Masjid al-Aqsa ka Sidratul Muntaha ngan dina waktu satu malam. iyeu mangrupakeun hiji perkara anu henteu lebet akal.

Baca Juga=>Aktualisasi Nilai Nilai Isra Mi'raj Dlm Konteks Kehidupan Multikultural
               =>Khutbah Jumat yg Mudah dipahami: Mewujudkan Solidraitas dan Keadilan Sosial
               =>Khutbah Jumat yang Puitis: Orang yang Buta Mata Hatinya
               =>Khutbah Jumat Terbaik: Menjadi Hamba yang di Ridhoi Allah

Tapi lamun Allah menghendaki maka teu aya perkara anu mustahil. Ketidak-percayaan kana kakawasaan Allah anu sanggup mengisra’-mi’rajkan Nabi dina hiji wengi ngajadikeun seueur jalmi anu henteu percaya sarta berpaling tina kebenaran risalah anu dicandak ku Nabi Muhammad SAW sahingga ahirna maranehanana seueur anu balik deui kana kemunafikan sarta kemusyrikan Naudzubillah mindzallik.

 سُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الأَقْصَى الَّذِي بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ مِنْ آيَاتِنَا إِنَّهُ هُوَ السَّمِيعُ البَصِيرُ (الإسراء: 1)

“Maha suci Allah yang telah memperjalankan hamba-Nya pada suatu malam dari Masjidil Haram ke Masjidil Aqsha yang telah kami berkahi sekelilingnya agar kami perlihatkan kepadanya sebagian dari tanda-tanda (kebesaran) Kami, sesungguhnya Dia adalah Maha Mendengar lagi Maha Mengetahui”.

Kaum Muslimin Rahimakumullah!

Dina perjalanan Nabi ka Sidratul Muntaha aya sababaraha perkara anu ditingalikeun ka Kangjeng Nabi. di antawisna,anjeunna ningali aya sababaraha jalmi anu motong-motong letah maranehanana sorangan dugikeun ka buntung teras jadi deui, teras dipotong-potong deui terus-terusan,

Lajeng Kangjeng Nabi naros ka Malaekat Jibril ”Wahai Jibril saha tea jalmi eta?”. Malaekat jibril ngawaler; “Wahai Nabi Allah,eta teh conto umat anjeun anu ahli berpidato sarta mere papatah ka batur, tapi papatah eta henteu diamalkeun kanggo dirina sorangan.

Salajengna deui Kangjeng Nabi ningali aya sababaraha jalmi anu nyakar-nyakar beungeutna dugi leupas kulitna saterasna pulih deui teras dicakaran deui teras menerus, Teras Kangjeng Nabi naros ka Malaekat Jibril; “Wahai Jibril saha tea jalmi eta?”. Jibril menjawab; “Eta teh siksaan kanggo umat anjeun anu resep ngomongkeun kagorengan batur.

Salain ti eta, seeur pisan kajadian-kajadian anu di tingalikeun ka Kangjeng Nabi nalika perjalanan Mi'raj ka sidrotul Muntaha

Baca Juga=>Khutbah Jumat Singkat Tenatang Energi Tawakkal
               =>Khutbah Jumat Terkini dan Aktual: 5 Bencana yang Akan Menimpa Umat Islam
               =>Khutbah Jumat Paling Menyentuh: Nilai Nilai Tauhid Pada Shalat
               =>Apakah Doa Bisa Menentukan Ketentuan Allah SWT

Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah!

Sababaraha kajadian anu ditingalikeun ka Kangjeng Nabi dina waktu Isra’ Mi’raj eta sadaya mangrupa gambaran siksaan kalakuan umat manusa.

 فَخَلَفَ مِن بَعْدِهِمْ خَلْفٌ أَضَاعُوا الصَّلَاةَ وَاتَّبَعُوا الشَّهَوَاتِ فَسَوْفَ يَلْقَوْنَ غَيّاً (مريم: 59) 

“Maka akan datang sesudah mereka pengganti (yang jelek) yang menyia-nyiakan sholat dan memperturutkan hawa nafsunya, maka mereka kelak akan menemui kesesatan”.

Tina pangalaman anu ditingal ku Kangjeng Nabi SAW, anu ahirna ngajantenkeun Kangjeng Nabi kacida pisan ngakhawatirkeun umatna dina satiap waktu. Komo deui nalika anjeunna nuju udur mayunan sakaratul maot, dugikeun ka anjeunna berwasiat kanggo umatna ummati ummati ummati.

Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah!

Ku margi kitu, hayu urang mawas diri supados langkung bersyukur sarta bertaqwa ka Allah, sarta mekelan diri urang supados langkung hati-hati dina ngajalanan kahirupan iyeu.

Urang ngan saukur tiasa ngaharepkeun bari dibarengan ku ngado’a sareng berusaha supados urang sadaya dipaparinan hidayah ku Allah SWT, mudah-mudahan urang sadayana ngengingkeun syafa’at ti Kangjeng Nabi Muhammad SAW sahingga urang terhindar tina siksaan seuneu naraka. Aamiin...

 بارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

Khutbah Jumat Bahasa Sunda Isra Mi'raj Khutbah Kedua:

 اَلْحَمْدُ لله الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَـقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إله إِلاَّ الله وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ،اللهم صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ.
أَمَّابَعْد يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَآأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا

اللَّهُمَّ صَلِّ وسَلِّمْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ، كَمَا صَلَّيْتَ وسَلّمْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ، كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، فِي العَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ، وَارْضَ اللَّهُمَّ عَنْ خُلَفَائِهِ الرَّاشِدِيْنَ، وَعَنْ أَزْوَاجِهِ أُمَّهَاتِ المُؤْمِنِيْنَ، وَعَنْ سَائِرِ الصَّحَابَةِ أَجْمَعِيْنَ، وَعَنْ المُؤْمِنِيْنَ وَالمُؤْمِنَاتِ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَعَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.

اللهم اغْـفِـرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنْفُسَنَا وَإِنْ لَمْ تَغْـفِـرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُونَنَّ مِنَ الْخَاسِرِيْنَ
اللهم إِنَّا نَسْأَلُكَ الْهُدَى وَالتُّقَى وَالْعَفَافَ وَالْغِنَى.
اللهم إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنْ زَوَالِ نِعْمَتِكَ وَتَحَوُّلِ عَافِيَتِكَ وَفُجَاءَةِ نِقْمَتِكَ وَجَمِيْعِ سَخَطِكَ. وَآخِرُ دَعْوَانَا ،
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

عِبَادَ اللهِ :إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي القُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ

Subscribe to receive free email updates: