Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Singkat Padat Tentang Shilaturahmi

Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Singkat Padat Tentang Shilaturahmi

اََلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِىْ وَصَّى فِى كِتَابِهِ بِالتَّقْوَى وَ الْاَرْحَامِ . اَشْهَدُ  اَنْ لاَّ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَه‘ لاَ شَرِيْكَ لَه‘ . وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُه‘ وَ رَسُوْلُه‘ سَيِّدُ وَلَدِ آدَمَ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ . اَلْمَبْعُوْثِ اِلَى سَائِرِ الْاَنَامِ وَعَلَى آلِهِى وَ اَصْحَابِهِ الْبَرَرَةِ الْكِرَامِ صَلاَةً وَسَلاَمًا دَائِمَيْنِ مُتَلاَزِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ يُسَاقُ قِيْهِ الْمُؤْمِنُوْنَ اِلَى دَارِ السَّلاَمِ . اَمَّا بَعْدُ  فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ  تُقَاتِهِى وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : اَلَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ فِيْ السَّرَّاءِ وَ الضَّرَّاءِ وَ الْكَاظِمِيْنَ الْغَيْظَ وَ الْعَافِيْنَ عَنِ النَّاسِ قلى وَاللهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَ

Hadirin Ahli Jum’ah Rohimakumulloh !

Dina ngawitan sasih Syawal atanapi dinten-dinten saatosna lebaran biasana umat Islam sok disibukkeun ku rupi-rupi kagiatan patarema atanapi pasamoan anu dipatalikeun sareng idul fitri, di urang mah katelahna acara halal bihalal, bade dina acara tepung wargi atanapi sok disebat haolan atanapi silaturahmi lembaga/organisasi.

Baca Juga>Materi Khutbah Jumat Mulia Karena Lisan Yg Terjaga
                >Edisi Khutbah Jumat: Urgensi Budaya Saling Menasihati Sesama Muslim
                >Khutbah Jumat Tahun Baru Masehi: Perayaan Tahun Baru 1 Januari
                >Hukum Jimat dalam Agama Islam

Dina acara halal bihalal kanyataanana mah taya lian ti silaturrahmi sakumaha dianjurkeun dina agama Islam. Dina acara Halal bihalal geusan silih-lubarkeun dosa, nyuhunkeun dihampura jeung ngahampura. Silih lubarkeun dosa antara sasama muslim dicirian ku cara-cara patarema dampal panangann, ieu teh kacida mulya, asal papada jinisna atanapi sareng mahramna. Kangjeng Nabi SAW dina dawuhanana :

مَا مِنْ مُسْلَمَيْنِ يَلتَقِيَانِ فَيَتَصَافَحَانِ اِلاَّ غُفِرَ لَهُمَا قَبْلَ اَنْ يَّتَفَرَّقَا 

”Teu pati-pati dua jalma muslim anu papanggih tuluy sasalaman kajaba baris dihampura dosana samemeh duanana papisah deui“. { HR. Abu Daud, Turmudzi, Ibnu Majjah }.
Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Singkat Tentang Shilaturahmi
Malihan dina Al-Qur’an pisan:

وَالْعَافِيْنَ عَنِ النَّاسِ  وَ اللهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَ 

”Jeung anu ngahampura ka jalma-jalma, jeung Alloh micinta jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean“. { QS. Ali Imron: 134 }.

Margi kitu, saha jalma nu teu ngahampura kana kasalahan batur, eta teh bakal dibenduan ku Alloh SWT. Malahan kacida mulya sareng sakedahna saparantos urang puasa jeung zakat pikeun meresihan diri, urang ikhlas pikeun silih hampura. Dawuhan Gusti Alloh dina QS. Al-Maidah, ayat 13 :

فَاعْفُ عَنْهُمْ وَاصْفَحْ ج اِنَّ اللهَ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَ 

”Mangka Anjeun kudu hampura maranehna jeung lubarkeun dosana, saenyana Alloh mikacinta ka jalma-jalma anu nyieun kahadean “.

Pikeun saha bae, sanaos kacida beuratna hahampuraan alatan hiji masalah, tapi nyuhunkeun dihampura jeung bakal ngahampura nu jadi cukang lantaran mampu ngalawan hawa nafsu urang sorangan, ieu kacida mulyana mungguh Alloh Swt.  Manusa nu jadi sabab tempatna hilap, moal aya saurang oge nu teu pernah salah atawa teu gaduh dosa perdosa. Jalmi nu sae teh sanes jalma anu  tara lepat, tapi jalmi nu sae teh nyaeta jalmi anu sanggup ngomean dirina tina kasalahan-kasalahan nu pernah dilakukeun ku manehna.

Baca Juga>Materi Khutbah Jumat Keberadaan Ruh Setelah Meninggal Dunia
                >Kualitas Kecerdasan Emosional
                >Sepuluh Perkara Yg Membatalkan Keislaman
                >Khutbah Jumat Pertama & Kedua: Menghadapi Masa Depan Yg Lebih Baik

Kanggo emutaneun urang sadaya, aya pidawuh Rosululloh SAW nu tiasa janten eunteung dina hirup kumbuh papada manusa. Sabab hirup di dunya moal bisa sosoranganan, pasti dina emprona mah bakal butuh ku batur. Bag-bagan nu kitu disebatna ibadah hablumminannas. Sabab pentingna ngariksa hablumminannas, dicarioskeun dina salah sahiji hadits nu diriwayatkeun ku Imam Muslim, yen Rosululloh SAW kantos tumaros ka para sohabat : ” Saha sabenerna ari jalma nu bangkrut teh  ? “, para Sohabat ngawaler : ” jalma nu teu gaduh artos sareng teu gaduh harta !”. Teras Rosululloh SAW negeskeun : ”  Saenyana jalma anu bangkrut teh nyaeta jalma nu balik ka aherat mawa ganjaran solat anu loba, ganjaran puasa, ganjaran zakat anu lain saeutik, tapi hanjakal anu sakitu lobana beak dipake mayaran hutang lantaran keur hirupna di dunya sok nganyeurikeun hate batur, ngadoliman ka nu sejen nepi ka ganjaran anu sakitu lobana teu mahi dipake mayaran hutang, anu antukna jadi tibalik dosa batur anu didoliman dipindahkeun ka manehna, tuluy dialungkeun kana naraka “. {HR. Muslim ti Abi Hurairoh-Hadits Pembina Iman dan Akhlak, kaca 96}.

Baca Juga>Contoh Khutbah Jumat Tentang Energi Tawakkal
                >Khutbah Jumat Terdahsyat:Visi Dakwah Menuju Perbaikan & Perubahan
                >Dosa Besar dalam Islam dan Hukumnya
                >Teks Khutbah Jumat 1 Lembar Singkat Padat dan Jelas

Mudah-mudahan urang sadayana, kalebet hamba-hamba Alloh nu lulus saomna, anu sanggup ngalawan nafsu pikeun silih lubarkeun dosa sareng salawasna kenging kani’matan pangampura Alloh. Amiin !.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ  اِنَّه‘ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ


Khutbah kedua


اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ نَحْمَدُه‘ وَنَسْتَعِيْنُه‘ وَنَسْتَغْفِرُه‘ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّآتِ اَعْمَالِنَا . اَشْهَدُ اَنْ لاَّ اِلهَ اِلاَّ اللهُ  وَحْدَه‘ لاَ شَرِيْكَ لَه‘ وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُه‘ و َرَسُوْلُه‘. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى آلِهِى وَاَصْحَابِه ِ. اَمَّا بَعْدُ  فَيَا عِبَادَ اللهِ  اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِى وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَ اَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ  اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلَْْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ  رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَ تُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ  رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ بِرَحْمَتِكَ  يَا  اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ  وَ الْحَمْدُ  ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Subscribe to receive free email updates: