Contoh Khutbah Gerhana Matahari Bahasa Sunda

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ وَأَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ اتَّقُواْ اللّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُم مُّسْلِمُونَ
يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُواْ رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُم مِّن نَّفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالاً كَثِيرًا وَنِسَاء وَاتَّقُواْ اللّهَ الَّذِي تَسَاءلُونَ بِهِ وَالأَرْحَامَ إِنَّ اللّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا
أما بعد: فَإِنَّ خَيْرَ الْحَدِيْثِ كِتَابُ اللهِ وَخَيْرَ الْهُدَى هُدَى مُحَمَّدٍ وَشَرَّ الْأُمُوْرِ مُحْدَثَاثُهَا وَكُلَّ بِدْعَةٍ ضَلاَلَةٌ

Jamaah shalat samagaha rohimakumulloh

Allah SWT anu nyiptakeun panon poe jeung bulan jeung anjeunna anu ngatur duanana pikeun kamaslahatan manusa. Alloh midawuh;

هُوَ الَّذِي جَعَلَ الشَّمْسَ ضِيَاء وَالْقَمَرَ نُورًا وَقَدَّرَهُ مَنَازِلَ لِتَعْلَمُواْ عَدَدَ السِّنِينَ وَالْحِسَابَ مَا خَلَقَ اللّهُ ذَلِكَ إِلاَّ بِالْحَقِّ يُفَصِّلُ الآيَاتِ لِقَوْمٍ يَعْلَمُونَ

“Anjeuna anu ngajadikeun panon poe nyorot jeung bulan cahayaan jeung ditetepkeun manzilah-manzilah (tempat-tempat) pikeun perjalanan bulan, supaya anjeun nyaraho bilangan taun jeung perhitungan (waktu). Allah henteu nyiptakeun ieu sadaya anging kalawan hak. Anjeunna  ngajelaskeun tanda-tanda (kakuasaan-Na) ka jalma-jalma anu nyaraho.” (QS. Yunus: 5)

Panon poe jeung bulan diparentah ku Allah SWT jeung ditaqdirkeun. Anjeunna anu ngajadikeun kaduana jadi sabab terjadina peuting jeung beurang sarta poek jeung caang. Allah ‘Azza wa Jalla ngadawuh; “Jeung Anjeunna anu ngajadikeun peuting jeung beurang silih genti, pikeun jalma anu karep ngajadikeun pelajaran atawa jalma anu hayang bersyukur. (. QS. Al Furqan: 62)
https://aang-zaeni.blogspot.com/2018/01/contoh-khutbah-gerhana-matahari-bahasa.html

Aya sababaraha hikmah anu bisa di petik tina peristiwa samagaha ieu:
1). Mangrupakeun salah sahiji tanda tina tanda-tanda kakuasaan Allah ‘Azza wa Jalla. Lamun anu kieu gampil kanggo Allah, maka langkung gampil deui kanggo AnjeunNa ngahirupkeun manusa anu tos maot pikeun di paparin balesan.
2). Pikeun nyingsieunan manusa supaya maranehna baralik ka Alloh jeung ngeureunan tina migawe maksiat sarta ngeusian hirupna di dunya ku amal soleh. Allah SWT ngadawuh; ''Jeung Kaula henteu nurunkeun tanda-tanda anging pikeun nyingsieunan.” (QS. Al Israa': 59)
3). Jadi bukti yen Panon poe, Bulan katut Alam semesta ieu diatur ku Alloh SWT. Jeung sadayana henteu boga hak pikeun di sembah. Allah SWT ngadawuh, “Jeung di antara tanda-tanda kakuasaan Alloh nyaeta peuting, beurang, panon poe jeung bulan. Ulah nyarembah panon poe atawa bulan tapi sarembah Alloh anu nyiptakeunana,.” (QS. Fushshilat: 37)
4). Mangrupakeun gambaran kana hal anu bakal kajadian dina poe kiamat, jeung jadi bukti yen eta teh gampil kanggo Allah Azza wa Jalla.
5). Nunjukeun kawasana Alloh nimpakeun hukuman ka jalma-jalma anu kalufur tur doraka ka Alloh.
6).  Jeung rea-rea deui hikmah anu bisa dipetik atas peristiwa samagaha ieu.

Jamaah shalat samagaha anu baragja
Rasulullah Saw ngadawuh;

إِنَّ الشَّمْسَ وَالْقَمَرَ لاَ يَخْسِفَانِ لِمَوْتِ أَحَدٍ وَلاَ لِحَيَاتِهِ ، وَلَكِنَّهُمَا آيَتَانِ مِنْ آيَاتِ اللَّهِ ، فَإِذَا رَأَيْتُمُوهُمَا فَصَلُّوا.

“Saestuna, henteu terjadi samagaha panon poe jeung bulan di kaitkeun kana maotna atawa lahirna hiji jalma, tetapi, duanana ngarupakeun tanda-tanda kaagungan Alloh. Lamun aranjeun maranggihan samagaha, mangka laksanakeun shalat.” (HR. Bukhari)

Samagaha ngarupakan tanda kakuasaan Allah saperti halna kajadian alam lain, saperti : gempa bumi, angin puyuh, geledeg, hujan gede jeung lianna. Eta sadayana ngarupakeun pepeling pikeun manusa supaya maranehna baralik ka Alloh Swt.

Kusabab kitu, nalika kajadian samagaha Rasulullah Saw marentahkeun jalma-jalma waktu eta pikeun ngalaksanakeun shalat, ngado’a, dzikr, istighfar, sedekah, jeung ngalakukeun amal saleh laina.

Jamaah shalat samagaha anu bahagia Nalika kajadian samagaha aya sababaraha sikep anu perlu di lakukeun, di antarana:

1). Ngabogaan rasa sieun ku Allah Ta’ala.
2). Mikir-mikir siksaan Allah ka jalma-jalma anu marigawe ma’siat.

Tina hadits Aisyah radhiyallahu ‘anha dicarioskeun yenNabi Saw dina khutbahna sarengse shalat samagaha ngadawuh;

 مَا مِنْ شَىْءٍ كُنْتُ لَمْ أَرَهُ إِلاَّ قَدْ رَأَيْتُهُ فِى مَقَامِى هَذَا حَتَّى الْجَنَّةَ وَالنَّارَ ، وَلَقَدْ أُوحِىَ إِلَىَّ أَنَّكُمْ تُفْتَنُونَ فِى الْقُبُورِ ….”

“Teu aya sahiji perkara oge anu pernah katingali ku kaula kecuali dina waktu ieu kaula ningalina, dina tempat kaula ieu, sampaikeun surga jeung neraka. Tos diwahyukeun ka kaula yen aranjeun bakal di uji nalika di kubur.....jst.” (HR. Bukhari)

Dina waktu eta di tingalikeun ka Anjeunna surga jeung naraka. Anjeunna oge di tingalikeun kana siksaan anu nimpa ka pangeusi naraka, ditingalikeun ka anjeunna hiji istri disiksa ku sabab ngerem ucing bari teu di paraban, di tingalikeun deui ‘Amr bin Malik bin Luhay ngagugusur peujitna dina naraka, ku sabab manehna anu pangheulana ngarobah agama Nabi Ibrahim as, manehna anu mawa berhala ka urang-urang Arab sehingga di sarembah ku maranehna. Anjeunna oge ngadawuh:

وَاللهِ لَوْ تَعْلَمُوْنَ مَا أَعْلَمُ لَضَحِكْتُمْ قَلِيْلاً، وَلَبَكَيْتُمْ كَثِيْرًا

“Demi Allah, lamun sakirana aranjeun arapal perkara anu katempo ku kaula, tangtu aranjeun bakal saeutik seuri jeung loba ceurik.”

3). Ngalaksanakeun shalat Samagaha.
4). Gagancangan kana dzikir, ngadoa, istighfar, takbir, ngalakukeun rupa-rupa amal soleh, ngalakukan shalat, jeung menta perlindungan ka Alloh tina siksa kubur jeung siksa neraka.

Rasulullah Saw ngadawuh;

فَإِذَا رَأَيْتُمْ ذَلِكَ، فَاذْكُرُوا اللهَ، وَكَبِّرُوْا، وَصَلُّوْا، وَتَصَدَّقُوْا

“Mangka dimana-mana anjeun ningali samagaha, gagancangan dzikrullah, takbir, shalat jeung sedekah.” (HR. Malik, Ahmad, Bukhari, Muslim, Abu Dawud jeung Nasa’i)

Kitu adab-adab anu di ajarkeun ku Nabi Muhammad Saw nalika aya samagaha. Mudah-mudahan urang sadayana kalebet kana golongan jalma-jalma anu di paparin pituduh sareng di paparin  perlindungan ku Allah Swt di dunia sareng di akhirat.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

Contoh Khutbah Gerhana Matahari Bahasa Sunda Khutbah Kadua


اَلْحَمْدُ لله الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَـقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إله إِلاَّ الله وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ قَالَ الله تَعَالَى: يَاأَيُّهاَ الَّذِينَ ءَامَنُوا اتَّقُوا الله حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُم مُّسْلِمُونَ
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَآأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا
اللهم صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ، كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ، وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. اللهم بَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ، كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ، وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اللهم اغْـفِـرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنْفُسَنَا وَإِنْ لَمْ تَغْـفِـرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُونَنَّ مِنَ الْخَاسِرِيْنَ، اَللَّهُمَّ انْصُرْنَا فَإِنَّكَ خَيْرُالنَّاصِرِيْنَ وَافْتَحْ لَنَا فَإِنَّكَ خَيْرُ الْفَاتِحِيْنَ وَاغْفِرْلَنَافَإِنَّكَ خَيْرُ الْغَافِرِيْنَ وَارْحَمْنَا فَإِنَّكَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ وَارْزُقْنَا فَإِنَّكَ خَيْرُالرَّازِقِيْنَ وَاهْدِنَا وَنَجِّنَامِنَ الْقَوْمَ الظَّالِمِيْنَ وَنَجِّنَامِنَ الْقَوْمِ الْجَاهِلِيْنَ وَنَجِّنَا مِنَ الْقَوْمِ الْمُنَافِقِيْنَ وَنَجِّنَا مِنَ الْقَوْمِ الْكَفِرِيْنَ رَبَّنَا عَلَيْكَ تَوَكَلْنَا وَاِلَيْكَ اَنَبْنَاوَاِلَيْكَ الْمَصِيْرُ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. اللهم إِنَّا نَسْأَلُكَ الْهُدَى وَالتُّقَى وَالْعَفَافَ وَالْغِنَى. اللهم إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنْ زَوَالِ نِعْمَتِكَ وَتَحَوُّلِ عَافِيَتِكَ وَفُجَاءَةِ نِقْمَتِكَ وَجَمِيْعِ سَخَطِكَ. وَآخِرُ دَعْوَانَا أَنِ الْحَمْدُ لله رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. وَصَلى الله عَلَى نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

Subscribe to receive free email updates: